08.43
0

 30, 2007

Hiji poé Si Kabayan jalan-jalan. Manggih tangkal nangka di kebon batur. Nangkana geus aya nu asak. Si Kabayan kabitaeun. Atuh térékél wé naék kana tangkal nangka. Nangka nu geus asak téa diala, terus dipurak dina luhur tangkal. Keur kitu torojol nu bogana. Si Kabayan digebah.
“Hoyah, Si Kabayan maling nangka!”
“Henteu, da,” témbal Si Kabayan.
“Éta geutahna dina biwir, rapet?”
“Henteu, da diminyakan,” témbal Si Kabayan deui.

0 komentar: